Diserat ku Kang Warsa
Lebah dieu pisan ayeuna urang hirup. Dina gawir Anu
lungkawing. Ceuk sawaréh jalma, disebutna zaman akhir. Disebut zaman akhir
kusabab ayeuna urang hirup siga dina kaayaan anu pang anyarna, babakuna sagala
kudu sing sarwa anyar, boh dina réngkak, ogé pikir. Lamun teu maké cara anyar,
inggis disebut katinggaleun zaman. Lamun teu boga cara pikir anyar, geus tangtu
katinggaleun ku batur anu cara pikirna aranyar. Urang kulon nyebutna zaman
ayeuna téh The New world order, Novus Ordo Sclorum, dunya anu
sing sarwa anyar.
Asa patojainyah pisan, zaman sing sarwa anyar tapi ku kuring
disebut zaman akhir. Lamun niténan sajarah manusa kalayan tenget, sabenerna,
hirup jeung sajarah manusa teu bisa dipisah-pisah, direcah kawas urang nyiksikan
daging, ti mimiti sajarah manusa aya, ti mimiti seratan dipikawanoh ku manusa
anu disebut zaman sajarah téa, nepi ka danget kiwari kudu disajajarkeun kalawan
bener. Sangkan urang bisa manggihan, naon sabenerna inti tina sajarah kahirupan
manusa.
Pentingna nyayahokeun sajarah téh lain saukur keur nambahan
pangarti, tapi aya hal séjén, ku ngartina urang kana sajarah kahirupan manusa,
bakal muka diri urang, lamun zaman ti mimiti aya manusa nepi ka danget ayeuna
téh, éstu hiji mata ranté anu teu bisa misah. Kuring kumawani nyerat, lamun
zaman anu ayeuna ku urang keur dicicingan mangrupa zaman akhir, gawir anu
lungkawing, lain pédah nyanyahoan, tapi teu leupas tina hiji kayakinan,
lamun sagala anu fana geus tangtu bakal manggih tungtung.
Urang kulon, ti awal abad 19 ogé geus nyebut lamun zaman
pasca révolusi Industri mangrupa hiji “ Tatanan Dunia Baru”. Ku
lolobana urang wétan, kalimah The New World Order ditafsirkeun
hiji konspirasi global kaum free-mason anu nyoba rék ngaloyogkeun zaman jeung
kahayang pamikiran maranéhna. Ari kitu téa mah bisa dibenerkeun. Éropah anu
diluluguan ku inggris, mimiti nanjeurkeun kolonialisme jeung impérialism téh
dina saba’da révolusi Industri meugar. Tapi sing inget, da anu ngaranna
kolonialisasi jeung impérialisasi mah teu saukur dialaman ku zaman pasca
révolusi industri wungkul, kahayang manusa ngumawasa ka manusa séjénna
geus lumangsung jauh saméméh zaman modérn. Dina Qur’an diébréhkeun, kumaha
rongkahna Fir’aun dina ngajual kasombongan jeung kabengisan ka papada manusa.
Jadi, sajarah manusa téh sabenerna mangrupa dedegan anyar tapi stokna mah
heubeul, éta-éta kénéh.
Novus Ordo Sclorum geus nanceub kuat, lain saukur nancleub wungkul tapi ngagusur
urang kana kahirupan anu beuki deukeut kana gawir nu lungkawing. Dina mangsana,
manusa bakal jadi siga robot anu aya dina hiji kotak, dikumpulkeun ku anu
bogana, terus dicocoo sakahayang manéh. Da puguh, tujuan utama N.O.S téh mawa
manusa kana hiji kaayaan anu sarua, sapamadegan, loyog jeung kahayang dalangna.
Ayeuna ogé meureun geus karasa. Kumana diranténa urang ku pangabutuh kudu
nyaloyogkeun diri , hirup kudu saluyu jeung kabiasaan anu keur lumaku, lamun
teu biasa bakal disebut katinggaleun.
Dina waktu anu samporét ieu, moal lila ti kuring nulis ieu
seratan, meureun kana lima atawa sapuluh taun kahareup mah, kahirupan téh moal
mekar, tapi kitu-kitu kénéh, da manusa geus diabuskeun kana panjara pikiranna
sorangan. Manusa ngan jadi saukur barisan data, ngaran anu dipajang dina papan
data, dipaksa sangkan nyabut jatidiri anu sajati, urang Sunda bakal kapaksa
ngaleupaskeun kasundaanna da keur ngudag batur anu geus nyaluyukeun manéh jeung
zaman. Haté, aféksi, geus diangkat teuing kamana. Masyarakat téh kumpulan
jalma anu sabenerna ngabutuhkeun hiji sikep jujur, silih hormat jeung papada,
tapi ku disérédna jalma kana zaman akhir ieu, hal anu aya patula-patalina jeung
haté, rasa, aféksi, sili asih, sili welas, bakal ditinggalkeun. Da dina zaman
akhir mah moralitas geus moal laku. Anu laku di dieu mah nyaéta populéritas.
Tong jauh-jauh, yu urang ténjo kana diri sorangan. Lamun can
boga hapé modél pang anyarna asa aya jeung hirup di zaman Nabi Nuh jigana.
Hartina, pola pikir urang geus pakem, ngan saukur ngandelkeun kognitif wungkul,
atuh kusabab anu digugulung téh kognitif, geus tangtu anu dikaluarkeun ku diri
urang ogé hal anu kudu loyog jeung pikiran urang. Lain pikiran murni, tapi
pikiran anu geus dibaruang ku kaayaan. Puguh da ari kitu téa mah, Téh
New World Order ti mimiti aya ogé geus ngajak jalma sangkan mangéranan
kognitif, akal, pikiran, humanisme. Lain hartina kuring teu percana kana
humanisme, da humanisme anu sabenerna mah ngajarkeun lamun manusa téh sabagé
puseur kakawasaan, hirup jalma ditangtukeun ku éta jalma. Miceun hal-hal anu
métafisik tina kahirupan.
Kusabab kognitif anu digugulung jeung diajén-ajén, balukarna
anu diajén-ajén, diadén-adén, diménak-ménak téh lain saukur eusi sirah, tapi
raga badag anu katénjo wungkul, lahiriah anu karampa. Titél anu nyantél, status
sosial, jeung jabatan anu jadi ukuran manusa boga harkat di hareupeun manusa
séjénna.
Toffler bisa jadi hiji jalma anu boga kayakinan, lamun hirupa manusa téh bakal
salilana ngajurus kana kamajuan. Da anu ngaranna ngaramalkeun mangsa ka hareup
mah hiji hal anu mustahil. Ceuk Toffler sorangan, lamun pikiran jalma sifatna
teu linéar, teu lempeng kitu baé, balucat-balicet. Ngan
anu ngaranna kamajuan, biasana keukeuh sok dikuat-kaitkeun jeung kognitif hiji
jalma. Padahal ti sagigireun kognitif, manusa ngabutuhkeun hal anu
penting séjénna, nyaéta aféksi, pangakuan diri sorangan, kajujuran, jeung
ngarampa kana rasa batur.
Lamun manusa geus dialeutkeun ngan saukur barisan data anu
minuhan papan data, computer, robot bari teu boga haté, anu bakal digugulung
téh kumaha carana ngéléhkeun anu séjén. Pasanggiri anu dimeunangkeun ku agama
ngan saukur tina kaalusan, tapi lamun haté geus dicabut tina kahirupan,
pasanggiri anu lumangsung nyaéta, kumaha carana sangkan urang anu meunang
sorangan, dina éléhna ogé urang moal narima. Sababaraha kasus PEMILUKADA bisa
jadi conto. Kusabab éléh , calon anu éléh embung ngaku éléh, da maranéhna
percaya teuing kana data anu diténjokeun ku tim suksésna.
Karasa meureun ku urang ogé, kumaha bedana hirup waktu leutik
jeung hirup ayeuna?.
Sumber : http://sosbud.kompasiana.com/2011/08/17/artikel-sunda-tungtung-zaman/
No comments:
Post a Comment